Lirik Lagu Mojang Priangan


Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang Priangan

Umat imut lucu
Sura seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan

**

Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang Priangan

Mojang anu donto
Matak sono nu nempo
Mun tepung sono ka
Mojang Priangan.


Gareulis maranis
Disinjang lalenjang
Éstu surup mun leumpang
Mojang Priangan

Ti gigirna lenggik
Ti hareupna gé sieup
Ti tukangna lenjang
Mojang Priangan
Share on Google Plus

Profil dan Kontak Nining Meida

Nining Meida adalah penyanyi pop Sunda yang telah mengeluarkan puluhan album. Untuk kerja sama, silakan lihat di bagian kontak atau hubungi tim manajemen Nining Meida ke nomor telepon: 08156201931 / 082119344610.